Nyambut 1 MUharam
Alhamdulillah
puji sareng syukur dipanjatkeun ka Allah anu parantos nakdirkeun ka urang
sadaya tiasa deui ngalaksanakeun parintah Allah nyaeta Sholat Jum’at dina awal
taun Hijriyah tepatna dina kaping 10 sasih Muharram.
Nyarioskeun
bulan Muharram, pastina moal leupas tina peristiwa hijrahna Nabi Muhammad SAW
ti Mekah ka Madinah yakni dina tahun 622 Masehi. Hijrah eta mangrupakeun
tonggak ngawitannana kalender Islam, ieu hartina hijrahna Rosulullah SAW sarta
para sahabatna ka Madinah tos
berumur 1437 Hijriyah. Hiji Kajadian bersejarah anu perlu dikenang harti jeung
kateladananana pikeun hiji pengorbanan anu sajati anu ngawujudkeun
perlawanannana kana kabatilan sakaligus sikap anu kuat ngapayunkeun kapentingan
misi agama saluhureun kapentingan anu sejenna, supaya tetep lestari kajaga tina
kapunahan sok sanajan kudu ngorbankeun jiwa raga, ninggalkeun nagri nu dipikacinta, harta, jeng kulawarga anu dipikacinta.
Secara
harfiah Hijrah hartina indah, secara istilah Hijrah ngandung dua harti, nyaeta
hijrah makani jeung hijrah maknawi. Hijrah makani hartina pindah secara pisik
ti hiji tempat anu kurang hade menuju ka hiji tempat anu leuwih hade, ti negeri
kafir menuju ka negri nu
pinuh ku kaimanan. Anapon Hijrah maknawi hartina pindah tina nilai anu kurang
hade manuju ka nilai anu leuwih hade, tina kabatilan manuju kabeneran, tina kakupuran manuju ka islaman. Secara
makani jelas Rosulullah SAW sareng para sahabatna geus ngalaksanakeun
perjalanan ingkah ka Madinah kalawan menempuh padang pasir anu jauhna kurang leuwih
450km. Secara maknawi aranjeunna parantos hijrah demi terjagana misi Islam.
Hijrah
kaasup hiji bukti
anu paling penting sabab nyangkut kana katepatannana sikep saorang muslim dina
ngawujudkeun kasetiaan jeng pembelaan. Oge mangrupakeun bukti hiji muslim dina
ngawujudlkeun panolakan jeung rasa permusuhan kanu sakuduna dimusuhan. Dina
sejarah para Rosul oge henteu lepas tina tradisi hijrah anu dilaksanakeun
kalawan sumanget penegasan batas kasetiaan kaimanan anu manuju kana ridho Allah
SWT saperti Ibrahim khoilullah anjeunna parantos ngalaksanakeun hijrah ti
Babilon ka Palestina, ka Mesir, ti Mesir balik deui ka Palestina eta sadaya
demi risalah suci.
Ibrah
tina peristiwa hijrah taya kajaba bukti pengorbanan sajati kana syariat Allah
SWT, para sahabat parantos hijrah sareng
Rosulullah SAW ngajauhan tina tekanan siksaan, jeung
hinaan kaum kafir Qurais di
Mekah henteu langsung ngajadikeun aranjeunna bebas tina ujian nu saterusna,
contona cobaan ninggalkeun sumber kahirupan jeung perkara-perkara anu dipikacinta
nu aya di tempat anu keur dicicingan. Sacara lahiriah manusa pasti bakal
ngayatakeun ujian eta mangrupakeun ujian anu beurat. Kudu ninggalkeun nilai
materi anu samemehna geus dirintis diperjuangakeun tur ditata pikeun bekel kahirupan aranjeunna saterasna aranjeunna kedah
pindah ka tempat anu asing anu pinuh ku pertanyaan “rek kumaha di ditu ?”. Tapi kusabab rasa
kacinta ka Rosulullah SAW jeung kacinta kana dinullah, maka kacintaan kanu
sejenna bisa dielehkeun.
Pelajaran
anu sejenna tina hijrah nganyatakeun ayana mumusuhan abadi antara kabatilan
jeung bebeneran. Allah ngadawuh tina surat Al-Baqarah ayat 147 :
Hartina :
Ari bener eta dating ti Rabb anjeun maka kade anjeun ulah asup ti golongan
jelema anu ragu-ragu.
Makna
hijrah anu sejenna lamun bener-bener dihayati tiap muslim pikeun saterusna
diterapkeun tina sendi-sendi kahirupan bakal ngajadikeun perubahan pikeun umat
muslim anu ngarandapannana, sabab dina dirina Allah SWT geus nendeun modal anu
kacida gedena jeung kakuatan anu luar biasa nyaeta katauhidan, kadzat anu maha
gagah tur maha sampurna.
Kusabab
kurangna kasadaran atanapi teu merhatikeun kana modal nu dipimilikna
ngakibatkeun potensi eta lemah tur teu aya mangfaatna sahingga urang sering teu
boga kakuatan dina nyinghareupan persoalan hirup.
Bukti
tina kurangna kasadaran kana potensi anu dipimilikna bisa bersifat pribadi
atanapi kelompok. Sacara pribadi hal eta bakal ngajadikeun pribadi anu lemah
tina mikir, lemah tina perasaan, jeng lemah tina gawe anu akhirna nimbulkeun
sipat males atanapi kedul hirup sapopoena dipinuhan ku panglamunan anu moal
bisa aya buktina. Sedengkeun sacara kelompok bakal nimbulkeun lemahna hiji
bangsa, hiji generasi, atanapi umat anu bakal ngalahirkeun generasi anu teu
berkembang, umat anu rapuh jeng bangsa anu teu maju-maju. Padahal Allah geus ngajadikeun umat Islam
hiji umat anu mulia darajatna. Dawuhan Allah SWT dina Surat Al-Imran ayat
Hartina :
Jeung anjeun ulah ngabogaan sikap lemah jeung
ulah ngarasa sedih padahal anjeun jalma-jalma anu paling luhur darajatna lamun
aranjeun jalma-jalma nu beriman.
Kadang
urang teu sadar yen urang ngabogaan potensi pikeun ngatur jadi imam umat nu
sejenna, jadi imam peradaban jeung budaya. Sabenerna Allah geus mere kasempatan pikeun
urang supaya jadi umat anu panghade-hadena di mata dunia. Urang sadaya sok poho
yen Allah mere potensi pikeun jadi umat pilihan, umat penengah nu mampu mere
rahmat jeung kaamanan pikeun umat nu sejenna, mampu nyebarkeun kaadilan,
ngalindungi hak-hak manusa jeung menghargai martabat manusa.
Ti dawuh Allah
dina Surat Al – Imran ayat 110 :
Hartina : arajeun kabeh umat anu panghade-hadena dilahirkeun pikeun manusa
anu bisa marentah kana hade jeung nyarek kana kamungkaran. Tapi akibat
kasarakahan jeung katamakan, sifat iri, dengki, hasud jeung nu sejenna urang
sadaya geus kaluar tina jalur anu tos dirancang ku Allah anu akibatna lain wae
ngarugikeun si pelaku tapi ngarugikeun kanu sejenna. Oge kusabab pagawean manusa nu geus jauh tina
aturan Allah nyababkeun agama Islam anu sakitu luhur darajatna jeung nu paling
mulia jadi kakotoran ku noda-noda teu hade nu dilakukeun ku eta manusa, akhirna
bakal dimanpaatkeun ku jalam-jalma anu teu resep kana Islam. Buktina ayana
sesebutan yen Islam agama radikal, militan, jeung Islam identik jeng teroris.
Padahal sabenerna Islam agama nu mawa kadamaian sarta jadi rahmatan
lillahilamin.
Ku
kituna mangga urang sami-sami lebetan ieu taun baru 1437 Hijriyah kalawan
nyandak sumangetna hijrahna Rosulullah jeung para sahabatna tina ngajaga kamurnian
Islam jeung kalestarian Islam ku cara setiap langkah polah urang sadaya akur
jeug aturan anu geus ditangtukeun ku Allah SAW jeung Rosulna. 





0 comments:
Post a Comment