Ari

Khutbah Jum'at - SYA`BAN SASIH NGABERSIHKEN REREGED DOSA


SYA`BAN SASIH NGABERSIHKEN REREGED DOSA

Hadirin Kaum Muslimin Anu Mulya.

Alhamdulillah kalayan karunia Allah Swt, Allah anu maha agung, urang sadaya kenging ni`mat tiasa ngagunakeun sesa yuswa dina dinten jum`at sasih anu munggaran nyaeta sasih sya`ban 1433.H. mudah-mudahan sesa yuswa urantg tiasa dieusi ku tobat sareng “ Ibadah “. Naon anu bade dilaksanakeun ku urang dina ieu sasih enggoning ngabdikeun diri ka Allah Swt.

Panutan Agung Kangjeung Nabi Muhammad SAW, langkung carincing pageuh kancing, saregep mayunan hubungan sareng Allah Swt, tatahar kangge mayunan sasih Ramadhan anu bade dongkap sasih anu kalintang agungnna wireh aya kawajiban ngalaksanakeun Saum Tea. Dawuhanana :

 “ Ari Bulan Ramadhan ,  eta sasih sasih GustinAllah, Bulan Sya`ban eta bulan kami. Ari bulan sya`ban bulan ngabersihken tina rereged-rereged dosa, bulan ramadhan bulan nutupan sagala dosa.

Dina sasih ieu urang parantos waktosna ngabersihkeun diri tina sagala dosa anu matak ngabahayakeun tur nyilakakeun dunya akhirat. Upama diri jeung jiwa geus beresih, tinangtu dina bulan ramadhan tangtos baris kiat nandangan tina sagala rupi cobaan sareng cobaan.

Hadirin Rohimakumulloh…
Sasih sya`ban teh sasih panalitian sareng pamariksaan peribadahan-peribadahan urang : ningkatkeun sagala amal shalih sangkan engke dimana ajal dongkap moal hariwang, margi bekelrna tos sadia mah.
 Sasih sya`ban ku umat mu`minin merenah pisan upama digunakeun pikeun ngalatih diri ngawarah awak pikeun ngalaksanakeun taqwa atanapi ibadah anu saleureusna.  Taqwa teh inggisna manusa milampah sakabeh perkara anu dibenduan ku gusti Allah, ka asup dijerona ngajaga diri tina sakabeh perbuatan ( tekad, ucap, lampah ) anu matak ngarugikeun diri sorangan jeung ngaruksak atawa ngarugikeun pikeun batur.

Jadi jalmi atu taqwa teh, nyaeta jalma anu salamina ati-ati ngariksa jeung ngaraksa diri tina sakabeh perkara ( kahayang, pikiran, ucapan, jeung perbuatan) anu dibenduan ku Gusti Allah Swt, ngarugikeun diri sorangan sareng ngarugikeun diri batur.

Sikap ati-ati sareng ngaraksa diri tadi dilakukeun dina tilu hubungan kahirupan.

Ka hiji :Hubungan ka Gusti Allah Swt ( Ti Abid ka ma`budna, ti   maakhluk ka Kholikna ).

Ka dua : Hubungan ka diri pribadi salaku mahluk Nafsiah ( Individual ) anu kudu tanggung jawab kana sagala tingkah paripolahna. Mangka ati-ati dina raraga taqwa ieu, nyaeta kamampuan ngajaga diri tina sakabeh pelanggaran boh kana aturan Allah, boh kana aturan manusa, anu bakal ngarugikeun ka diri sorangan, margi satiap pelanggaran bakal mawa karugian pikeun migawena boh di dunnya  boh di akhirat. Di dunya ayeuna ngalakukeun pelanggaran  bebas tina hukuman dunya, di akhiratmah geus dipastikeun moal bebas tina wawales Gusti Allah. Pidawuh Allah dina Al-Quran :

Ka Tilu : Hubungan ka sasama manusa salaku mahluk social ( Ijtima`iyah )Jalma anu taqwa salamina ati-ati ngajaga diri tina sagala perkara, anu bakal ngaruksak tur ngarugikeun batur sok sanajan pikeun diri sorangan ngadatangkeun ka-untungan

Hadirin Rohimakumulloh…?
Dina sasih sya`ban anu mulya ieu, mangga urang seueurkeun amal shalih sareng tobat anu saleres-leresna; seueurkeun Shodaqoh kafakir miskin, ka barudak yatim.

Terutami engke dina weungian kaping lima belas, satiasa-tiasaa dina eta wengi kedah dianggo ibadah, maos Al-quran sareng rupi-rupi du`a.

 Ka Gusti Allah wungkul urangt nunuhun, mugu-mugi Anjeuna maparin kurnia salamet jeung kabagjaan dunya akhirat.

Nun Gusti, mugi-mugi Gusti nuduhkeun sareng ngabingbing ka abdi sadaya, maparin berkah ka abdi sadaya, nampi tobat abdi sadaya sareng ngawafatkeun abdi sadaya kalayan sasarengan sareng jalmi-jalmi anu sarae mungguh Gusti.

Karana sing saha anu taat ka Allah katut ka Rosulna, tanwande maranehna bakal pinaggih sareung  kabagjaan anu ageing.

Hadirin Sidang Jum1ah Rohimakumulloh..
Sakumna Jalma bakal nyangharepan poe anu matak pikasieuneun, yaeta poe anu disebut “ Maliki Yaumiddin “  Nyaeta mun Gusti Alloh Raja dina poe pangwalesan. Naon rupa padameulan nu geus dipigawe ku urang tinangtu bakal aya balitungan nana, nu teu nyinglar saeutik oge, malah lamun neuleuman sababaraha ayat Al-Qur1an matak muringkak bulu punduk, sabab moal aya

0 comments:

Post a Comment