Kaom Muslimin sidang jum’ah
anu mulya !
Kanjeng Nabi
Muhammad saw diutus ka dunya ku Allah swt
pikeun ngomean ahlak
manusa.Anjeunna ningali ahlak manusa anu
geus ruksak,teras masihan aturan pikeun
pergaulan hirup,supaya ahlak manusa jadi hade.
Saparantos Kanjeng Nabi nyobi nyebarkeun
kabeneran di Mekah,ku kakuatan Abu Jahal,Abu Lahab jeung antek-antekna,lain bae
eta bebeneran teh teu ditarima, tapi malah Nabi nepi ka diusir.Ieu sadayana
dirasakeun ku anjeunna dina perjuangan nangtungkeun bebeneran.Di Mekah anjeunna
diwujuk supaya kabeneran diaku salaku hal nu teu bener, diancam,digertak supaya
nu bener teh di anggap bohong.Tapi anjeuna teu kersaeun,malah ieu pisan anu jadi
sabab anjeunna hijrah ka Madinah.
Sasumpingna
ka Madinah,anjeunna ngadegkeun masjid.Ieu nu dipayunkeun sareng
dijadikeun langkah kahiji.Nabi saw ngadegkeun masjid tahun 622 Masehi. Ti
masjid Rosul ngawitan ngadamel rencana perjuangan.Bangunanana jeung bentukna
masjid beda jeng bentuk bumi biasa teu siga anu dijieun ku urang,nu punuh ku
perhiasan tur loba kamarna.Anjeunna teu ngadegkeun sakola,teu ngadeugkeun rumah
sakit,padahal dua nana oge penting pikeun rohani jeung jasmani manusa.Naon
margina ? Taya lian karana lamun manusa ngarti naon sababna eta masjid diayakeun,
pasti manehanana bakal terang sagala anu diperlukeun keur hirupna di dinya.
Kalolobaanana urang ayeuna ningali masjid teh ngan mangrupa hiji tempat
anu didatangan unggal poe jum’ah.Di dinya urang ningali jalma karumpul ngupingkeun nasehat terus shalat. Ngan sakitu
paningal urang ayeuna,malah aya nu mandang Masjid teh hiji tempat ngan keur
jalmi anu anti dunya anu sok datang ka
dinya teh.
Geus kacida
jauhna tina wujud jeung kahayang anu dimaksud ku masjid,sabab urang jauh tina
bebeneran jeung teu biasa nangtungkeun
bebeneran. Hartina sujud ka Allah
nyaeta sumerah diri yen manusa kudu ngarasa yen kakawasaan jeung
kakuatan kagungan Allah. Ku kituna manehanana moal wani ngabohong,khianat,nipu
jeung sabangsana,sabab jalma bohong khianat, sombong mah boga maksud nu teu cocog jeung tekad
jalma nu sumerah diri.
Lamun hal
ieu bisa dirasakeun ku manusa, tangtu
manehannana jadi jalma jujur,wani ,ikhlas,anu kabehanana jadi tihang pergaulan
jeung jadi tanda yen manehanana jalma berahlak .
Ku ayana
masjid, kaom Muslimin baheula jadi Mulya, sabab aranjeuna tiasa berhubungan
sareng Allah, sareng sasama manusa.Tapi sanggeus kaom Muslimin anu pandeurieunana
ngalepaskeun kadua perhubunganana boh hubungan
sareng Allah, boh hubungan sareng sasama manusa,jadi hina tur lemah.Tepat pisan
dawuhan Allah dina Al-Quran : “
“ Ditibankeun ka maranehana kahinaan di mana wae maranehna
araya, kajaba upama maranehna nyekel pageuh kana tali Allah jeung tali
manusa.”( Q.S.Ali Imran : 112 )
Para saderek
kaom Muslimin !
Tiantara
kaom Muslimin aya nu jadi sudagar, prajurit, patani, atawa buruh, kadang hese
pisan papanggih. Tapi ku jalan
berjama’ah babarengan di masjid,aranjeunna bisa paamprok pateupung dangu, bakti ngabdi ka Allah swt.
Umar Bin Khatab kasohor jalma wanian, Khalid
bin Walid ahli perang,Abdurahman bin ‘Auf sudagar, tapi upama aranjeunna asup
ka masjid, aranjeunna teu ngarasa deui salaku pahlawan ahli perang atawa
sudagar. Ku kituna atuh masjid teh bisa di jadikeun pusat tempat ngabahas
masalah-masalah anu aya patalina jeung kapentingan umum,kapentingan Agama, nepi
kabisa dilaksakeunana. Sadayana satujuan, sahate, teu pakia-kia Sudagar moal
ngitung untung rugina, ahli perang moal ingeut kana Kapahlawanana, sadayana
ngajungjung tinggi jenengan Allah nu Maha Esa.
Dimasjid
Kanjeng Nabi Muhammad saw bisa nangtungkeun bebeneran. Ku masjid kakuatan Rum jeung Persi ditundukkeun, sareng Nabi
Muhammad saw tiasa nyepeng kakawasaan di Mekah, sabab ti masjid dipencarkeun bebeneran
kalawan dimasjid tempatna dimusyawarahkeun eta hak jeung bebeneran teh.
Kaom Muslimin Anu Mulya !
Ku
Katerangan anu parantos dipedar tiluhur, tiasa kauninga pangaruh masjid pikeun
nangtungkeun bebeneran. Dunya kaget mata simeuteun, naon sababna Nabi Muhammad
saw tiasa nangtungkeun bebeneran, ngalawan kakuatan nu ngahalanganana, dina
jangka waktu nu sakeudeung. Atuh sumebar beja ti suklakna ti suklakna yen
sumberna teh nya masjid tea.
Nepi ka
ayeuna geus ampir 14 abad dunya nyahoeun kana pentingna masjid, tapi masjid
kaayeunakeun mah teu saperti masjid nu ngabogaan wibawa saperti zaman Nabi
sareng para shahabatna.
Ayeuna
urang hirup di zaman atum,nuklir, masing-masing mamerkeun kakuatan senjata,nepi
ka saolah-olah bebeneran teh eleh ku kakuatan senjata, nu sigana kacida kawasana.
Salagi masjid anu jadi sumber kakuatan islam dijauhan tur kurang
didatangan ku kaom Muslimin, tangtu
bakal ngarasa yen bebeneran teh moal bisa nyebar kalawan pesat, sanajan make
kakuatan senjata.
Kaom
Muslimin baheula sakaluarna ti masjid teu ngarasa kahalangan ku kakuatan
sanjata pikeun nangtungkeun bebeneran. Ku kituna masjid jadi rame, dianggo
nurutkeun fungsina, memang di dinya
sumberna kakuatan jeung jalan nu bener.
“Anu rek ngama’murkeun masjid-masjid Allah mah ngan
wungkul jalmi-jalmi anu ariman ka Allah jeung kanu poe akhir,jeung anu ngadegkeun
shalat sarta nyarumponan zakat anu heunteu sarieun salian ti ku Allah. Kusabab
eta mugia maranehnan jadi ti antara jalma-jalma anu mareunang pituduh…(
Q.S.At-taubah :18 )
Aya hiji hal anu perlu diperhatikeun, yaeta sanajan
masjid teh di jieun ku manusa, tapi lain nu manusa. Masjid samata-mata tempat
pikeun nyieun langkah langkah aturan/Undang undang Allah pikeun kapentingan
pergaulan hirup manusa, lain pikeun kaperluan hiji jalmi atawa golongan.
Masjid pikeun umat Islam, mangrupa gedong perdamaian
anu teu robah-robah jeung tyeu goncang. Di dinya nasib manusa jeung sasama bisa
diperhitungkeun nurutkeun anggka-angka bebeneran jeung kaadilan.
Hadirin Rohimakumulloh
Sumangga Urang sami-sami ningkatkeun kataqwaan ka
Allah Swt, kalayan taqwa anu saleresna. Taqwa pikeun jiwa ibadah, taqwa dina
geurak-geurik tingkah laku jeung lampah : malahan taqwa anu bakal jadi bekel di
poe kiamah.
Hadirin Rohimakumulloh.
Sakumaha urang parantos uningan, numawi urang kedah
taqwa teh jalaran urang sadaya kagungan nafsu anu kahayang nafsu eta kadang mawa cilaka, anu tinangtos bakal rugi dunya
sareng akhirat.
Dina Al-quran surat Al-Ashr, Allah Swt, parantos
nerangkeun, yen sakabeh jalmi oge rarugi, anging anu ariman, anu ngajalankeun
kaalusan sarta silih papatahan jeung pada baturna kana jalan anu bener jeung
silih papatahan kana kasabaran.
Urang sadaya kedah ngaraos untung, sarehna Allah Swt.
Parantos nuduhkeun ka urang sifat-sifatna jalma anu baris salamet tur moal
pinaggih jeung rugi, nya eta anu kaancikan ku anu opat perkara ieu :
1. Iman, iman nyaeta jadi syarat pokok hirup
salamet. Moal aya hiji jalma anu bageur lamun atina kosong tina iman. Kitu deui
moal aya jalma anu murka, anging jalmi anu atina suwung tina iman.
Ari iman teh nyaeta yakin ati kana ayana
Allah, yakin kana sifat-sifat-Na jeung kana padameulan-Na. Yakin kana benerna
Rasulloh, yakin anu nimbulkeun kasadaran, teu cukup ngan sakadar taqlid,
tegesna tuturuti ka batur, tapi yakinna teh kudu karana ngarti sorangan.
Jadi pikeun nyampurnakeun iman teu aya deui
jalan lian ti kudu leukeun, daek mikir dina ilmu iman : sing nepi ka ngarti anu
sabener-benerna, sarta sanggeus urang ngarti bener, tangtu kakara ngabogaan
iman anu bener. Mun tos kitu moal unggut kalinduan gedag kaanginan, tapi tagen
tetep dina jalan anu lempeng bener.
2. Amal Shalih, nyaeta sugrining pagawean anu
alus anu ngawungku kana perkara anu wajib jeung anu sunatna, saperti nulungan
sasama anu menang kasusahan, boh ku tanaga, boh ku kaboga, boh ku harti atawa
harta, ngurus barudak yatim, ngurusanan pakir miskin, nyieun adegan masjid
atawa madrasah, mimpin ra`yat supaya beres hirupna jeung sugria pagawean anu
mampaat keur balarea.
3. Moal aya pijalmaeunnana anu daek
ngajalankeun amal shalih saperti anu ditataan nembe, lian ti jalmi anu
bener-bener imanna ka Allah jeung ka Rosul-Na. Sabab eta amal shalih teh
bertentangan jeung hawa nafsuna jalma-jalma, tegesna hawa nafsu mah embungeun
kana sagala kasholihan. Upama jalmi ngabogaan iman anu bener tangtu pangaruhna
si nafsu teh jadi lembek moal aya daya.
4. Silih papatahan pikeun kabeberan. Bener di
dieu lain bener nurutkeun hawa nafsu, tapi bener nurutkeun pandangan Agama,
pandangan Allah sareng Rasul-Na. Kusabab kitu tangtu sugria jalma mu`min mah
pada terang ka nu bener mungguh Agama.
5. Silih papatahan kana kasabaran. Jalma
Mu`min mah tangtu moal aya nu ngedul, sabab salawasna silih papatahan jeung
pada baturna supaya sabar nandangan wayahna, ngajalankeun rupa-rupa pagawean
anu hese jeung bangga asal aya mamfaatna.
Hadirin Rohimakumulloh.
Samangsa-mangsa jalmi geus ngabogaan sifat=sifat anu opat tadi, tinangtu bisa
kaluar tina golongan jalma anu rarugi dunya akhirat.
Nun Gusti Pangeran Abdi sadaya, mugi jisim abdi sadaya
dipaparin kakiatan sareng kasabaran dina enggoning ngalaksanakeun dawuhan Gusti
! Amin Ya Rabbal alamin.






0 comments:
Post a Comment