Contoh Khutbah Jum’at Bahasa
Sunda
Tue lereus lamu umat Islam di Indonesia disebut umat
anu teu beriman, Tapi teu bener deuih lamun disebut Iman tapi tauhidna walagri,
Sabab geus bisa dijadikeun dalil yen ruksakna masyarakat jeung bejadna akhlaq
anu kapanggih sapopoe the tanwande lemahna Iman.
Lamun percaya ka Alloh tangtu hampang kana Ibadah,
gampang kana sedekah, sarta lamun percaya kana ayana sawarga jeung naraka
tangtu ggebegan lamun ngalaksanakeun maksiat.
Emut para hadirin ahli jum`ah, umat Islam anu baheula
mah imanan bener-bener, enyaan jeung tulen ka Alloh Swt. Lamun dibacakeun ayat
Alloh ka aranjeuna ngadegdeg, ngater manahna sareng tambah imana. Aranjeuna
tambah yakin bakal menang kabagjaan dunia jeung akhirat. Sareng aranjeuna yakin
pisan tiap jalma anu ngabaekeun ngalalaworakeun kana Kitabulloh bakal meunang
kahinaan jeung karendahan.
Hadirin ahli jum`ah anu mulua
Saparantos aranjeuna, datang umat anu anyar, anu ngaku
beragama islam, tapi Kitabulloh ku aranjeuna ditonggongan, Sunnah Rosul ku
aranjeuna ditinggalkeun sahingga maranehanana jadi umat anu jahil, anu bodo
terhadap kana agamana, teu dibukakeun hatena kana kanyataan anu sabenerna.
Maranehanana moyok kaom muslimin anu ti heula anu yakin geus menang kabagjaan
jeung maranehanana ngahinakeun ka jalma-jalma anu geus meunang kauntungan jeung
kasejahteraan. Maranehanana geus ningalkeun conto tauladan anu hade ti
jalmi-jalmi Islam anu baheula, sahingga maranehanana sasar jeung teu menang
pituduh ti Alloh Swt.
Anu leuwih matak sedih, nyaeta ti antara maranehanana
aya anu ngarendahkeun hukum-hukumAlloh jeung nantang ngalawan anu kacida
teuasna. Oge nyaci maki jeung ngahina kasucian agama, jeung akhirna
maranehanana hirup dina karagu-raguan.
Dawuhan Alloh.
“ Jeung maranehna ngabohongkeun sarta maranehna
nurutkeun hawa nafsu”.
( Q.S Al-Qomar Ayat 3 )
Pendekna maranehanana saperti ahli kitab, cobi
perhatoskeun dawuhan Alloh
“ Geus salasar maranehanana ti baretona sarta
maranehna geus nyasarkeun batur anu kacida lobana, turta maranehna geus salasar
tina jalan anun lempeng.
( Q.S Al-Maidah
Ayat 77 )
Pendekna mah gelap mata, poek mongkleng buta rata,
ditutupan cahaya iman anu aya dina hatena ku syaithan anu dilaknat.
Jeung syaitan ngajadikeun manehna mandang hade kana
lampahna. Nepi ka ngahalangan maranehna tina jalan Alloh, sedengkeun maranehna
the jalma-jalma anu barisa ningali.
Hadirin Jum`ah
anu mulya !
Kumaha bisana umat anu geus ngabalieus tina pingpinan
Alloh bisa ngahiji ? Kuimaha bisana maranehanana ngalakukeun ngalaksanakeun
persatuan anu sajati ? Kumaha bisana maranehanana ngalaksanakeun persaudaraan
anu sejati ?
Lamun disagigireun persaudaraan teu aya kaihlasan,
jeung arikhlas hiji tatalining gaib anu lemes pisan tina jiwa manusa ka
Allohna. Lamun hubungan anu lemes geus pegat atawa lepas, mangka moal kapanggih
persaudaraan anu sajati anu suci.
Kulantaran eta
ngan ku Agama Alloh bisa bersaudara, jeung bisa teuguh eta persaudaraan, ieu
the bisa ditingali tina katerangan agama jeung tina bukti-bukti anu geus
berjalan di umat islam anu baheula.
Mudah-mudahan sanggeus ngajalankeun parentah Alloh,
urang bisa bersaudara kalayan teguh jeung sasama kaum muslimin, jeung mudah-mudahan Alloh
ngaleungitkeun sagala rupa panyakit anubisa mecahkeun jeung ngarenggangkeun
persaudaraan urang. Amin Ya Robbal Alamin.
“ Saestuna taya lian mu`minin the sadulur, kukituna
rapihkeun antara dua dulur maraneh, jeung masing tarakwa ka Alloh, supaya
maraneh dipaparin rahmat”.






0 comments:
Post a Comment