Ari

Ceramah Bahasa Sunda KAUTAMAAN IBADAH DINA LAILATUL QADAR


KAUTAMAAN IBADAH DINA LAILATUL QADAR


Hadirin kaum muslimin rohimakumulloh  !

Kalayan pitulung allah, alhamdulillah urang sadaya tiasa kempel dina ieu tempat anu mulya kanggo ‘ ibadah ka allah. Oge alhamdulillah, urang dipaparin kasehatan sareng kakiatan kanggo ngalaksanakeun ibadaj shaum dugi ka dinten ieu, mugi-mugi shaum urang sadaya ditampi ku allah, sareng mugi urang tiasa nyampurnakeun shaum urang dina tahun ieu, tiasa ningkatkeun kataqwaan saterasna..

Mangga urang sadaya ulah bosen-bosen midameul amal shaleh dina ieu sasih, utamina “ ibadah anu patali sareng kasampurnaan shaum sapertos shalat berjamaah,taraweh,maos al-qur`an, thalabul ilmi, shadaqah, shalatul lail. Satiasa-tiasa ieu sasih anu pinuh ku barokah the dimanfaatkeun ku amal ibadah pikeun kamaslahatan hirup di dunya oge bekel hirup di akhirat. Amin.
Hadirin kaum muslimin rohimakumullah..?

Sakumaha anu parantos sami uninga, yen allah dina ieu sasih ngadamel hiji wengi anu istimewa, anu waktosna kaping dua puluh ka akhirnakeun, numutkeun riwayat, nyaeta wengian qadar
( lailatul qadar ), dina eta wengi allah ngabukakeun pintu rahmat anu salega-legana.
Dawuhan allah swt dina al-qur`an :







Hartosna : maleman nu mulya the leuwih hade batan sarebu bulan. Harita malaikat-malaikat jeung roh tarurun kalawan widi allah nyandak sagala imbalan. Salamet weh peting harita the nepi ka medal balebat.

Wengian qadar leres-leres wengi anu utami anu nyandak kana ka mulyaan sareng kabagjaan, diayakeun ukur sawengi dina satahun. Kangjeung nabi muhammad saw, sareng para shahabat, ti kaping dua puluh ramadhan dugi ka akhirna sok ngahaja nyeueurkeun i`tikap dimasjid, ngamanfa`atkeun waktos anu sakitu utamina.








Katampi ti sayidina `aisyah  r.a ; kangjeng rusulullah saw, sok ngersakeun i`tikaf di masjid ti ngawitan kasapuluh wengi anu akhir dina unggal bulan ramadhan.

Hadirin kaum muslimin rohimakumulloh ??
Upami urang leres-leres hoyong dipaparin kurnia anu utama sareng dilipet-lipet pahala  amal kasaean, mangga urang sami-sami nyambut lailatul qadar ku i`tikaf, nyeueurkeun shalat sunnat, maos tasbih, tahmid, takbir, istigfar sareng sajabina. Lailatul qadar hiji karunia khusus ka ummat muhammad anu teu dipaparinkeun ka ummat-ummat anu sateuacanna.
Sakumaha pidawuh rasullullah saw.






Sayaktosna allah parantas maparin ka ummat kaula wengi lailatul qadar anu teu kantos dipaparinkeun ka ummat-ummat anu baheula ( hr dailami ti ibnu abbas ).

Lailatul qadar teh pamundutna rasul rasululloh saw, ka gusti allah, wireh anjeuna ningali ummat-ummat anu baheula upama upama ibadahna dugi ka umur 80 tahun sok dipaparin pangkat “ abid, hartosna tukang ibadah, ari ummatna, sok sumawonteh ibadah dugi ka 80 tahun, umurna oge langka anu dugi ka 80 tahun. Numawi ku allah dipaparin wengian qadar ( lailatul qadar )

Hadirin ahli jumat rohimakumullah ??
Mangga maranahan !! Upami urang ibadah dina wengian qadar dina salebet lima kali ramadhan, sami sareng urang gaduh yuswa 416 tahun dalapan sasih atanapi 5000 sasih kalayan dianggo ibadah, sanes untung ari kitu ??? Ku margi eta mangga manfa`atkeun kasempetan ieu teh ulah sok ngagugu ka embung bisi engke kaduhung.

Mugi-migi allah swt, maparin kakiatan ka urang sadaya, dina wengi anu mulya tiasa ngalakonan ibadah anu sautami-sautamina, kenging pangampura anjeuna, dipaparin pahala ibadah anu sa agung-agungna, pikeun di dunya ayeuna terutami engke di alam akhirat. Amin ya robbal alamin.






“ jeung prak maraneh geura paheula-heula ngahontal pangampura allah jeung sawarga anu legana sarua jeung pirang-pirang langit katut bumi, anu dicawiskeun pikeun jalma-jalma anu tarakwa.  ( qs. Ali-imran  133 )

0 comments:

Post a Comment