Ari

Khotbah Jum'at Bahasa Sunda - MAPAG BULAN RAMADHAN


MAPAG BULAN RAMADHAN

Sidang jum`ah anu mulya

Kadatangan bulan ramadhan ku kaum muslimin dibageaken saperti ngabageakeun tamu agung, disambut kalawan gumbira. Eta teh nuduhkeun yen kaum muslimin masih  keneh patuh jeung ta`at, tunduk jeung setia narima jeung ngajalankeun parentah agama, sanajan dina eta parentah teh ngandung pangorbanan anu kacida gedena, nyaeta nahan kahayang nafsu, nu kalolobaanana ngajak kana kajahatan jeung kamungkaran.

Cobi tingali jaman ayeuna, anu sapapanjangna aya dina kakacowan, huru-hara jeung persengketaan. Lamun ku urang ditaliti sabab-sababna, nyata yen nu utama lantaran jalmi teu bisa nahan kahayang nafsuna. Anu ngadorong jeung ngajak supaya jalmi ngalanggar kana wates-wates alloh, jeung aturan nu ku manusa dijieun sorangan.

Dina bulan ramadhan manusa dilatih, dididik sareng di uji sangkan kuat nahan hawa nafsu, sanajan kana perkara sareng perbuatan anu halal jeung hade. Lamun urang geus sanggup nahan diri jeung kahayang nafsu tina barang-barang anu dihalalkeun ku alloh, tangtu leuwih gampang upama urang kudu nahan kahayang nafsu tina barang anu dilarang. Kukituna puasa teh disebut keur ngagugurah nyucikeun badan jeung ngalatih sangkan bisa sabar.
Rosul ngadawuh ;
 “ tiap-tiap perkara aya paranti ngabersihkeunana : ari nyucikeun badan mah ku shaum, jeung saum the satengan tina sabar.

 ku keterangan diluhur tadi, nyata yen puasa teh lain samata-mata nahan lapar jeung dahaga wungkul, tapi kalakuan jeung omongan  oge kudu puasa tina nu curang, nipu malsu jeung hianat.lamun. Teu kitu, sarua bae jeung jalma anu ngadegkeun imah terus di ruag deui, puasa teu aya hasilna, salian ti lapar jeung dahaga. Sakumaha nu diterangkeung ku nabi saw ;

Anu hartosna “ sing saha nu teu ninggalkeun omongan jeung perbuatan nu curang, alloh moal butuh kana  lapar jeung dahagana ( h.r bukhori – abu daud ).

Hadirin ahli jum`ah anu mulya

 urang sejak rek ngalatih diri, nyangling rohani, maksud rek ngalesu kalbu, maka sakabeh rasa jeung rarasaan jadi maha guru, mere pangajaran jeung didikan , nepi ka antra katembong, sarta nyata karasa yen shaum teh “ la`allakum tattaqun “ ( sangkan maraneh jadi jalma anu taqwa ) la`allakum tasykurun “ ( supaya maraneh jadi jalma ahli syukur )
“ la`allakum yarsyudun “ ( supaya maraneh menang pituduh dina jalan anu lempeng.) Eta ayat anu tilu the aya dina tungtung ayat nalika nyaritakeun bab shaum dina al-qur`an surat al-baqaroh ayatv 183 nepi ka ayat 188.

Hudang sahur teu ngeunah, sabab keur tibra sare. Tapi kulantaran niat shaum, arek ngalatih diri, menerkeun karep, mernahkeun kahayang dina karidoan nu maha heman, teu talangke korejat hudang, leungit tunduh jeung kakeueung. Najan dahar teu pati mirasa oge tetep dilakonan sabab lain rek ngadon dahar tapi rek ibadah, rek neuleuman kataqwaan, syukur jeung rusyud anu mawa kana betah jeung genah dina ibadah.

Sakabeh waktu dipake ibadah, diijir diitubng, sangkan kabeh kapake, teu mubadir. Wanci janari korejat hudang tibuburanjat sieun kabeurangan, sieun kasubuhan, padahal biasanamah waktu the dihambur-hambur, dipake meakeun umur, ngadeukeutan liang kubur lampah anu teu jujur, atawa morongkol dina kasur. Rosul ngawuh :
 “ maraneh kudu sahur, saestuna dina sahur the pirang-pirang berkah kahadean.”

Rosul ngadawuh :
 “ saestuna alloh masihan rahmat, tur malaikat ngaduakun ka jalmi-jalmi anu dalahar waktu sahur.

Hadirin sidang jumah anu mulya.

Tina bakating ku utama-utamana hudang janari, najan saregot atawa sahuap nu didaharna, bakal dipasihan rahmat ku alloh, sarta didu`akeun jeung dipangmentakeun hampura ku para malaikat. Kukituna urang kudu mentingkeun hudang janari
Hadirin anu mulya.

Dina ahir khutbah  hayu ahh urang sambut bulan suci ramadhan tahun ieu, urang saling bubarkeun bilih tea mah aya diantara urang sadayana urang saling bubarkeun tina sagala kalepatan . Mudah-mudahan ku latihan shaum jiwa urang tambah kuat pikeun nyanghareupan sagalka macam ujian, sahingga urang kaluar tina eta ujian, geus jadi bangsa anu terhormat, jeung umat anu mulya.

Ya alloh panguasa sagala mahluk, mugi gusti neguhkeun iman abdi sadaya, sareng mugi abdi sadaya dipasihan kakuatan keur nyanghareupan sagala kamungkinan sareng pikeun ngajalankeun parentah alloh, ngajauhan sagala larangan gusti, sangkan di dunya abndi hirup jaya, di akhirat kenging ganjaran. Amin ya robbal alamin.

0 comments:

Post a Comment