MIARA KASUCIAN DIRI
Tujuan hiruf manusa diciptakeun ku alloh swt, anging
kedah ibadah. Sakumaha alloh parantos nyaurkeun dina al-qur`an surat ad-dariyat
:
“teu pati-pati
alloh nyiptakkeun jin jeung manusa anging pikeun ibadah ka kami.
Numutkeun ajaran islam satemenan manusa diciptakaeun
ku gusti alloh dina kaayaan suci. Dawuhan nabi muhammad saw :
Sakur budak anu dilahirkeun eta dina kayaan suci.
Jadi anu saleureusna urang sadayana anu dilahirkeun
tinu janteun rahim ibu urang sadayana saleresna ku alloh parantos dibeukeulan
dina kaayaan suci.
Istilah warisan dosa, sakumaha anu aya dina ajaran ti
sawarehna agama. Dina ajaran islam mah saleresna teu aya. Nabi adam as sareng
bojona st hawa. Kantos ngalakukeun hiji dosa di surga kusabab ngalanggar
cegahan alloh ngadeukeutan tangkal larangan alloh. Tapi gusti alloh ngajar ka
nabi adam cara menta hampura tina dosa, terus nabi adam neda pangampura ka
gusti allh, sarta gusti allh narima tobatna nabi adam.sakumaha dina al-qur`an
surat al-baqoroh ( ayat.37 )
“mangka adam narima
sababaraha kalimat ti pangeranana, nya ngahampura allah ka adam.
Dina hadist anu diriwayatkeun ku iman al-baehaki rusul
ngadawuh
Jalma anu menta hampura tina
dosa, eta saperti jalma anu teu boga dosa.
Hadirin rohimakomulloh.!!!
Sedengkeun ari dosa nurutkeun ajaran islam nyaeta
kusabab ngalanggar aturan atanapi
katangtuan hukum allah, sarta dosa eta nu bakal ngotoran kana kasucian manusa.
Dina al-qur`an allh ngadawuh :
“ ulah kitu, balikta geus
ngotoran kana hate maranehna naon-naon anu ku maranehna diusahakeun ( dosa )
al-muthofifien 14 )
Dina surat al-muthofifien ayat 15-16 :
“ulah kiitu, satemena dina
poean harita ka pangeranana beber-bener kahalangan. Terus, sabenerna maranehna
asup naraka jahim.
Gusti ngaharepkeun sangkan hirup manusa salawasna suci
sakumaha aslina. Nalika manusa dilahirkeun tina rahim nu janteun ibuna dina
kaayaan suci.
“ satemena allah mikacinta ka
jalma-jalma anu daraek tobat tur anu daek beberesih.
Hadirin rohimakumulloh!!!.
Allah swt maparin tuduh jalan ka manusa ku mangrupa
aturan jeung katangtuan anu kudu di turut sangkan manusa salawasna aya dina
kasucian, sarta dimana manusa kagoda terus ngotoran diri ku dosa, nya cara
ngabersihkeun nana ku jalan tobat, ngalaan dosa tina dirina bari menta hampura
ka gusti allah.
Kusabab lemahna diri manusa tur lobana musuh anu
karuat kayaning nafsu sarakah, setan, jalma-jalma kafir jeung jalma anu munafik
anu kudu disanghareupan, mangka dina miara eta kasucian umumna manusa sok
ngalaman kasulitan.
Kulantaran kitu sangkan manusa kuat jung sabar dina
miara kasucian dirina, gusti allah ngawajibkeun sangkan manusa salawasna
ngalatih dirina ku mangrupa ibadah.
Gusti allah ngajamin dimana eta latihan dilaksanakeun
sakumaha mestina kalawan sampurna tinangtu kasucian the bakal kapiara.
Allah ngadawuh :
“ adeugkeun ku anjeun shalat,
satemena shalat eta anu nyegah tina pagawean anu kotor jeung pagawean anu
mungkar.
Hadirin rohimakumullo. !!!
Peryogi jadi bahan leuyeupaneun, yen satemena nu bakal
salamet dina mangsa ngahadeokeun diri ka gusti alloh the nyaeta hamba anu tetep
aya dina kasucian, sakumaha anu awal diciptakeun.
Dawuhan gusti alloh..
“dina hiji poe moal manfaat
harta jeung anak kajaba anu ngahadep ka gusti allah bari dina kaayaan hate
suci.
Utama urang taat kana aturan
gusti allah bsri terus dawam ngalatih diri ku cara ngalaksanakeun ibadah anu
dibarengan ku ksabaran jeung kaihlasan bari soson-soson ngalaksanakeun amal
saleh, tinangtu kasucian diri urang bakal kapiara, dimana mulih ka jati mulang
ka asal, bakal bisa ngahadep ka panyuneun allah kalawan dina konndisi hate
masih tetep aya dina kasucian.






0 comments:
Post a Comment